top of page

Posstheatron Goes to ISBI Bandung

  • Inda Nugraha Hidayat
  • Mar 29, 2018
  • 2 min read

Saminggu ka tukang, meunang iber ti Juragan Teungku Fachroe nu gaduh Komunitas Budaya Posstheatron Garut, cenah aya uleman pikeun iluan Pasanggiri Longsér di ISBI Bandung. Cenah, ieu pasanggiri téh diayakeun dina raraga sosialisasi Pilgub Jabar jeung Pilkada Serentak 2018, alpukahna KPU Jabar nu rukun gawé jeung ISBI Bandung.

Aya waktu saminggu pikeun nataharkeun sagala rupana. Ti mimiti ngabadamikeun carita, naskah, jeung sajabana. Uing kabagéan ngotrét naskah jeung jadi Panjak. Marcoz Asep Holidin jeung Fachroe nu nyutradaraan. Iwayan Dien Suryadilaga, Adam Mahesa, Pandu Nugraha, Mat Layen, Cep Bani, Gugi, Engkik Prikitiw, Lita Arofu Ayatina, jeung Rosma Rosi Merahbagéan ngékting. Kabogohna Rana jeung kabogohna Hilmy sina nari. Pikeun nayaga, Fachroe ngumaha ka Yi Nugraha Blazier Susanto di Bandung, ngarah teu kudu ngabring jeung angkaribung teuing pas indit ti Garut. Nu maraén, cukup mawa awak jeung kostum.

Kabagéan jadwal maén nomer 3 poé tadi (Saptu, 24 Maret 2018), jam hiji beurang. Fachroe saparakanca indit poé Jumaah, pasosoré. Uingah nyusul tadi isuk-isuk. Numpak élf Cikajang-Cicaheum, meunang jok di tukang. Édasss... éta juragan supir, ngajalankeun mobil siga nu diudag naon baé. Awak tangka kabuntang banting. Lieur. Murel. Jiga nu rék sabrol-broleun utah. Untung bisa kénéh katahan. Heuheu. Anjog téh jam satengah sawelas. Lumayan aya kénéh waktu jang tatahar saméméh magelaran. Latihan sageprakan, laju tatahar di luhur panggung.

Pangjajap Acara nétélakeun yén pintonan ti para patanadang baris diajén ku para Maéstro Téater kayaning Arthur S. Nalan, Dadi P. Danusubrata, Joko Kurnain, jeung saurang wanoja wawakil ti KPUD Jabar.

Sanggeus cunduk kana waktuna, saréréa ngadunga, sangkan pagelaran ditangtayungan tur dibéré kalancaran bari hasilna nyugemakeun. Prung, maén! Alhamdulillah, lancar sakumaha nu dirarancang.

Keur anteng maén jadi Panjak, karérét aya Mang Iip Sarip. Aya geumpeur aya atoh dilalajoanan ku inyana téh. Tapi the show must go on. Senyumin ajah, cenah geuning ceuk kids zaman now téa mah ... heuheu

Potrét kénging Zatnika N. Sambas

Sesembén : Ayeuna, samulangna ti Bandung, Fachroe saparakanca di Komunitas Budaya Posstheatron Garut keur tatahar pikeun ngabagéakeun Juragan Nagabonar nu cenah rék nganjang isukan. Ka sugri nu hoyong ngawangkong sareng anjeunna, sumangga diantis sumping, dinten énjing, Ahad, 25 Maret 2018, tabuh 09.30 di Padépokan Sobarnas Martawijaya, Désa Langensari Kacamatan Tarogong Kalér Garut.


 
 
 

Коментари


Featured Posts
Check back soon
Once posts are published, you’ll see them here.
  • Instagram - Black Circle
  • Facebook - Black Circle
  • Twitter - Black Circle
  • SoundCloud - Black Circle
Recent Posts
Archive
Search By Tags
Follow Us
  • Facebook Basic Square
  • Twitter Basic Square
  • Google+ Basic Square
bottom of page