top of page

Ngawangkong Jeung Bang Jek

  • Inda Nugraha Hidayat
  • Mar 29, 2018
  • 2 min read

Poé ieu (Ahad, 25 Maret 2018), Hisdraga jeung Komunitas Budaya Posstheatron Garut, kaanjangan ku Bang Jék alias Jéndral Nagabonar alias Deddy Mizwar jeung rombonganana.

Saréréa tangtu geus pada wanoh ka inyana. Aktor kahot nu geus weureu seubeuh ku pangalaman di dunya seni peran. Ti mimiti panggung téater, layar kaca, tepi ka layar lébar geus dileukeunan dilakonan. Malah ayeuna mah inyana geus boga pausahaan film sorangan. Saréréa ogé pada apal, geus méh lima taun inyana ngaheuyeuk tatar Jawa Barat, minangka wakil Gubernur.

Pupuhu Posstheatron nu ogé pupuhu Hisdraga, Fachroe, ngaku bungah kacida kaanjangan ku Bang Jék. Pikeun ngabagéakeunana, Fachroe geus ngulem para seniman jeung budayawan Garut pikeun ngilu ngawangkong. Aya Kang Deddy Effendie Tjajapernama sareng bojona Yulia Sugiarti Achdris, Kang Deden Erlies, Kang Anang, Abah Enday, Ceu Ratna Ayu Budhiarti, Kadés Langensari, jeung aktifis téater ti sawatara sanggar téater sakola.

Dina wangkonganna, Bang Jék méré "pencerahan" ka para seniman jeung budayawan, sangkan bisa ngigelan jaman. Ayeuna geus asup ka zaman ékonomi kréatif. Sakumna rahayat, utamana para seniman jeung budayawan kudu geus bisa ngaéksplorasi kréatifitasna. Ku kréatifitas atawa kamotékaran, sagala rupa bisa jadi lawang rejeki. Dina kréatifitas téater ogé hadéna geus mimiti nuturkeun kamajuan jaman. Kapan ayeuna mah geus usumna seni digital. Ngamangfaatkeun media digital jeung téknologi pikeun kréasi seni jeung budaya.

Bang Jék ogé ngaaprésiasi jeung nepikeun kareueus kana ketak Komunitas Budaya Posstheatron anu geus bisa luméngkah kalawan tuluy-tumuluy pikeun ngahirup-huripkeun kasenian jeung kabudayaan. Komo basa narima tawis katineung mangrupa buku "Syair Suar Siar" kumpulan sajak penyair Garut jeung buku Magma, kumpulan puisi Ratna Ayu Budhiarti.

Sakumaha biasa, dina saban riungan Possthèatron, uingah kabagéan ngocoblak jadi panumbu catur atawa pangjajap acara. Aya lolongkrang waktu pikeun macakeun fikmin sunda, saméméh méré kasempetan Ceu Ratna macakeun salahsahiji sajakna.

Saméméh acara lekasan, kurunyung Abah Enday nu satadina rék ditepungan di saungna.

Acara dipungkas ku popotoan.

Cag!


 
 
 

Comments


Featured Posts
Check back soon
Once posts are published, you’ll see them here.
  • Instagram - Black Circle
  • Facebook - Black Circle
  • Twitter - Black Circle
  • SoundCloud - Black Circle
Recent Posts
Archive
Search By Tags
Follow Us
  • Facebook Basic Square
  • Twitter Basic Square
  • Google+ Basic Square
bottom of page